1
BUDALAN 5:1
KITAB SUCI
Musa jeung Harun arangkat marek ka raja Mesir. Tuluy arunjukan, ”Kaula ngemban timbalan PANGERAN, Allahna urang Israil. Kieu timbalana-Na, ’Umat Kami idinan indit ka gurun keusik, geusan ngayakeun pesta ngamulyakeun ka Kami.’ ”
Bandingkan
Selidiki BUDALAN 5:1
2
BUDALAN 5:23
Saparantos abdi marek ka raja ngemban timbalan Gusti, raja jadi wuwuh neungteuinganan ka maranehna. Ku Gusti diantep teu ditulungan!”
Selidiki BUDALAN 5:23
3
BUDALAN 5:22
Musa marek deui ka PANGERAN sarta miunjuk, ”Nun PANGERAN, ku naon umat kagungan teh ku Gusti sakitu dibengisanana? Sareng ku naon abdi anu ku Gusti diutus teh?
Selidiki BUDALAN 5:22
4
BUDALAN 5:2
Lahiran raja, ”Saha PANGERAN teh? Naha aing kudu nurut kana parentah-Na, kudu ngidinan urang Israil iang? Aing teu wawuh ka PANGERAN. Aing moal ngidinan urang Israil arindit.”
Selidiki BUDALAN 5:2
5
BUDALAN 5:8-9
Tapi beubeunangan nyieun bata kudu angger lobana sakumaha sasari, hiji ge teu meunang kurang. Mana marenta idin rek ngurban ka Allahna ge tangtu lantaran geus kurang pagawean! Garawekeun leuwih beurat, sing leuwih ripuh, tong dibere tempo geusan nanggap nu bohong.”
Selidiki BUDALAN 5:8-9
Halaman Utama
Alkitab
Pelan
Video