1
BUDALAN 4:11-12
KITAB SUCI
Timbalan PANGERAN ka anjeunna, ”Saha anu maparin letah ka manusa? Saha anu ngersakeun manusa torek atawa pireu? Saha anu ngersakeun manusa boga panenjo atawa merem? Nya Kami, PANGERAN. Bral bae ka ditu, Kami anu bakal nyebutan piomongeun maneh.”
Bandingkan
Selidiki BUDALAN 4:11-12
2
BUDALAN 4:10
Tapi piunjuk Musa, ”Nun PANGERAN, ulah abdi anu diutus. Abdi teh sanes jalmi anu pinter nyarita, boh ti kapungkur, boh ti saparantos Gusti sasauran ka abdi. Abdi mah jalmi heurin ku letah, sok asa-asa.”
Selidiki BUDALAN 4:10
3
BUDALAN 4:14
PANGERAN jadi bendu ka Musa lajeng nimbalan, ”Kumaha lamun Harun, dulur maneh, urang Lewi tea? Kami uninga, manehna ahli nyarita. Manehna ayeuna keur ka dieu rek manggihan maneh, tangtu atoheun papanggih jeung maneh.
Selidiki BUDALAN 4:14
Halaman Utama
Alkitab
Pelan
Video