Maraneh ku Kami rek dibawa ka tanah anu ku Kami geus diikrarkeun rek dibikeun ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, jeung pikeun maraneh, jadi tanah milik maraneh. Ieu Kami teh PANGERAN.’ ” Eta timbalan ku Musa dicarioskeun ka urang Israil, tapi ku maranehna teu didarenge lantaran geus paregat harepan, ku beurat-beuratna nandangan paneungteuinganan.