Anjeunna teh kagungan sipat Allah.
Najan kitu taya manah nyasamikeun anjeun jeung Allah.
Malah-malah ngantunkeun sagala kamulyaana-Na,
nyasamikeun anjeun jeung jalma nu kumawula,
kersa saharkat jeung jalma,
jeung nganggo rupa manusa.
Ngarendahkeun anjeun, tunduk tumut ka Allah nepi ka pupus,
pupus lantaran disalib.