NEHEMIA 7
7
1Ayeuna kuta geus anggeus. Lawang-lawangna geus dipasang. Tukang-tukang jaga, para jurukawih, jeung urang Lewi lianna geus nyarekel tugasna masing-masing. 2Sim kuring ngangkat dua jelema pikeun ngatur kota Yerusalem, nya eta Hanani dulur sim kuring, jeung Hananya, kapala kawasa leuweung. Hananya jelema pinter tur sieun ku Allah, taya sasamana. 3Ku sim kuring diomongan, yen lawang-lawang kota Yerusalem lamun acan bray isuk jeung panonpoe acan moncorong, ulah waka dibuka. Jeung samemeh kawal-kawal daratang ngajaga pabuburit, salawasna kudu ditutup sarta dipalang. Jaba ti eta kudu neundeun jelema ti kota Yerusalem, sawareh sina ngarajaga di garduh-garduh. Sawareh deui kudu ngaronda sabudeureun imahna masing-masing.
Daptar anu marulang ti pangbuangan
(Esra 2:1-70)
4Yerusalem teh kota gede, tapi pangeusina acan sakumaha lobana, imah oge loba anu can dijieun. 5Sim kuring kenging ilham ti Allah, kudu ngumpulkeun dulur-dulur jeung kapala-kapala sarta pamingpin-pamingpinna, kudu ditaliti sajarah karuhunna. Tina daptar anu marulang ti heula ti pangboyongan, nurutkeun catetanana kieu:
6Loba pisan anu marulang ti pangbuangan di Babul teh, marulang ka Yerusalem jeung Yuda, ka lemburna masing-masing. Caricingna di ditu ti barang diboyong ku Raja Nebukadnesar. 7Kapala-kapalana nya eta: Serubabel, Yosua, Nehemia, Asarya, Raamya, Nahamani, Mordekai, Bilsan, Misperet, Bigwai, Nehum jeung Baana.
8-25Ieu daptar golongan-golongan Israil, katut jumlah lobana anu marulang ti pangbuangan:
Golongan Paros 2.172
Golongan Sepaca 372
Golongan Arah 652
Golongan Pahat Moab (turunan Yesua jeung Yoab) 2.818
Golongan Elam 1.254
Golongan Satu 845
Golongan Sakai 760
Golongan Binui 648
Golongan Bebai 628
Golongan Asgad 2.322
Golongan Adonikam 667
Golongan Bigwai 2.067
Golongan Adin 655
Golongan Ater (anu katelah Hiskia) 98
Golongan Hashum 328
Golongan Besai 324
Golongan Harip 112
Golongan Gibon 95
26-38Anu marulang ka tempat-tempat asal karuhunna:
Urang Betlehem jeung Netopa 188
Urang Anatot 128
Urang Bet Asmawet 42
Urang Kiryat Yarim, Kepira jeung Berot 743
Urang Ramah jeung Geba 621
Urang Mikmas 122
Urang Betel jeung Ai 123
Urang Nebo lianna 52
Urang Elam lianna 1.254
Urang Harim 320
Urang Yeriho 345
Urang Lod, Hadid jeung Ono 721
Urang Senaa 3.930
39-42Daptar golongan-golongan imam anu marulang ti pangbuangan:
Golongan Yedaya (turunan Yesua) 973
Golongan Imer 1.052
Golongan Pashur 1.247
Golongan Harim 1.017
43-45Golongan-golongan urang Lewi anu marulang ti pangbuangan:
Golongan Yesua jeung Kadmiel (turunan Hodawia) 74
Golongan tukang-tukang musik Bait Allah (turunan Asap) 148
Golongan tukang-tukang jaga Bait Allah (turunan Salum, Ater, Talmon, Akub, Batita jeung Sobai) 138
46-56Golongan kuli-kuli Bait Allah anu marulang ti pangbuangan:
Siha, Hasupa, Tabaot,
Keros, Sia, Padon,
Lebana, Hagaba, Salmai,
Hanan, Gidel, Gahar,
Raya, Resin, Nekoda,
Gasam, Usa, Paseah,
Besai, Mehunim, Nepusim,
Bakbuk, Hakupa, Harhur,
Baslit, Mehida, Harsa,
Barkos, Sisera, Tema,
Nesia jeung Hatipa.
57-59Golongan abdi-abdina Suleman anu marulang ti pangbuangan:
Sotai, Soperet, Perida,
Yaala, Darkon, Gidel,
Sepaca, Hatil, Pokeret,
Hasebaim jeung Amon.
60Jumlah turunan kuli-kuli Bait Allah jeung golongan abdi-abdina Suleman anu marulang ti pangbuangan aya 392.
61-62Anu kaasup ka golongan Delaya, Tobia, jeung Nekoda aya 642. Marulangna ti Tel Mela, Tel Harsa, Kerub, Adon jeung Imer, tapi ieu mah teu bisa dibuktikeun yen turunan Israil.
63-64Golongan-golongan imam anu teu bisa nembongkeun sajarah turunanana nya eta: Hobaya, Hakos jeung Barsilai. (Karuhun golongan Imam Barsilai nikahna ka awewe ti golongan Barsilai urang Gilad, tuluy make ngaran mitohana.) Ku lantaran teu bisa nerangkeun saha karuhunna, maranehna ditolak tina kaimaman. 65Saur gupernur Yahudi maranehna mah teu meunang milu ngadahar tina kurban suci lamun can aya imam anu ngadeg nyepeng Urim jeung Tumim.
66-69Jumlah lobana anu marulang ti pangbuangan aya 42.360 jelema.
Gandek-gandek lalaki jeung awewe aya 7.337 jelema.
Para pamaen musik lalaki jeung awewe aya 245 jelema.
Kuda 736
Bigal 245
Onta 435
Kalde 6.720
70-72Barang-barang sumbangan pikeun ongkos ngomean Bait Allah:
Ti gupernur: | emas 8 kilo |
pinggan paranti upacara 50 | |
jubah imam 530 | |
Ti kapala-kapala warga: | |
emas 168 kilo | |
perak 1.250 kilo | |
Ti dulur-dulur lianna: | |
emas 168 kilo | |
perak 140 kilo | |
jubah imam 67 |
73Imam-imam, urang Lewi, tukang-tukang jaga Bait Allah, para pamaen musik, sajumlah rahayat biasa, kuli-kuli Bait Allah – kabeh bangsa Israil – caricingna di desa jeung di dayeuh di tanah Yuda.
Currently Selected:
NEHEMIA 7: LAISUN
Highlight
Share
Copy
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991