Ayeuna kuta geus anggeus. Lawang-lawangna geus dipasang. Tukang-tukang jaga, para jurukawih, jeung urang Lewi lianna geus nyarekel tugasna masing-masing. Sim kuring ngangkat dua jelema pikeun ngatur kota Yerusalem, nya eta Hanani dulur sim kuring, jeung Hananya, kapala kawasa leuweung. Hananya jelema pinter tur sieun ku Allah, taya sasamana.