Sanggeus lima puluh dua poe, dina tanggal dua puluh lima bulan Elul, kuta teh geus anggeus pisan. Barang bejana nepi ka musuh-musuh sakurilingeun, maranehna jadi kacida kaeraanana, lantaran geus katembong ku sarerea yen eta pagawean teh kalayan pitulung Allah bisa rengse.