BUDALAN 10
10
Simeut
1Ti dinya Pangeran nimbalan ka Musa, ”Tepungan raja. Eta raja sapara mantrina ku Kami rek disina neugtreug, sabab Kami rek nembongkeun mujijat ka maranehna, 2jeung supaya maneh boga caritakeuneun ka anak incu hal petaning Kami ngagejulkeun urang Mesir ku mujijat-mujijat. Sangkan maraneh nyaho yen Kami teh Pangeran.”
3Musa jeung Harun marek ka raja tuluy miunjuk, ”Kieu timbalan Pangeran, Allahna urang Ibrani, ’Maneh teh rek keukeuh embung tunduk ka Kami? Umat Kami idinan iang sina ngabakti ka Kami. 4Lamun keukeuh henteu nurut, isukan nagara maneh ku Kami rek ditarajang ku simeut, 5mangpirang-pirang lobana datang ka beungeut taneuh katutup. Anu henteu diruksak ku hujan es bakal diruksak ku simeut disaregetan, tatangkalan oge moal disesakeun. 6Karaton maneh, imah-imah para mantri, imah-imah rahayat, kabeh bakal pinuh ku simeut, anu ngagalaksakna leuwih-leuwih ti batan simeut keur jaman karuhun maneh.’ ” Geus kitu Musa malik tuluy angkat.
7Para mantri arunjukan ka raja, ”Bade diantep bae eta jalmi nyesahkeun ka urang? Urang Israil sae diwidian ariang ngabakti ka Pangeran Allahna. Na teu katingali Mesir jadi sakieu reksakna?”
8Musa jeung Harun diudag dibawa marek deui ka raja. Saur raja ka aranjeunna, ”Jig geura ariang ngabakti ka Pangeran Allah maraneh. Tapi saha anu rek ka daritu teh?”
9Waler Musa, ”Sadayana, bade mios katut barudak sareng anu parantos karolot. Kitu deui anak-anakna nu lalaki nu awewe, domba, embe sareng sapi. Margi sadayana kedah ngurban ngamulyakeun ka Pangeran.”
10Timbalan raja, ”Demi Pangeran, kami sumpah moal ngidinan awewe jeung barudak dibawa! Tetela maneh boga maksud teu uni ana kitu mah. 11Teu! Lamun enya ka daritu teh rek ngabakti ka Pangeran, meunang, tapi lalaki bae wungkul.” Geus kitu Musa jeung Harun ditundung ti payuneun raja.
12Ti dinya Pangeran nimbalan ka Musa, ”Ungkulkeun leungeun ka tanah Mesir pikeun ngadatangkeun simeut tea, sina ambreg nyaregetan sarupaning tutuwuhan anu henteu diruksak ku hujan es.” 13Musa ngungkulkeun iteukna, hiuk Pangeran ngadatangkeun angin ti wetan ka sakuliah tanah, ngagelebug sapoe eta teu eureun-eureun, terus nepi ka sapeuting jeput. Ari bray isuk eta angin teh mawa simeut 14kaliwat saking lobana, ambreg ka sakuliah nagara. Ti baheula kakara harita aya simeut sakitu lobana, tur ka hareupna oge moal aya deui anu siga kitu. 15Beungeut taneuh saluluar datang ka liput katutup ku simeut, warnana datang ka belewuk. Sagala rupa anu disesakeun ku hujan es tea beak digalaksak, bubuahan katut ka tangkal-tangkalna. Tatangkalan jeung tutuwuhan di sakuliah tanah Mesir datang ka boleklak geus teu aya anu hejo-hejo deui.
16Raja rurusuhan nyaur Musa jeung Harun sarta timbalanana, ”Aing tarima dosa ka Pangeran Allah maraneh, jeung dosa ka maneh ongkoh. 17Sakali ieu mah aing menta ampun, jeung pangnedakeun ka Pangeran Allah maraneh, ieu siksaan ka aing anu sakieu bangetna teh eureunkeun.” 18Musa undur ti raja, tuluy neneda ka Pangeran. 19Seug angin ti wetan teh ku Pangeran dirobah jadi angin ti kulon, rongkah kacida. Saayana simeut kakeduk terus digebruskeun ka laut di Teluk Sues. Simeut di satanah Mesir beak taya anu nyesa. 20Tapi raja ku Pangeran disina neugtreug, teu ngidinan urang Israil iang.
Poek mongkleng
21Ti dinya Pangeran nimbalan ka Musa, ”Jungjungkeun leungeun ka langit, sakuliah tanah Mesir bakal jadi poek mongkleng.” 22Musa ngajungjungkeun pananganana ka langit, reup sakuliah Mesir poek mani ngajumbleng, lilana nepi ka tilu poe. 23Urang Mesir teu barisaeun patenjo pada batur, sarta sajeroning kitu taya anu kaluar ti imah. Ari di pilemburan urang Israil mah biasa bae caang.
24Raja nyaur Musa, timbalanana, ”Geura arindit ngabakti ka Pangeran. Awewe jeung barudak ge meunang dibawa. Tapi ingon-ingon, domba, embe, sapi, tinggalkeun.”
25Waler Musa, ”Kedahna mah malah gamparan ngabahanan sato keur kurban sareng keur kurban beuleuman kangge Pangeran Allah kaula. 26Pipiaraan bade dibantun, saceker ge moal aya anu dikantun. Sarengna deui anu bade dikurbankeun ka Pangeran Allah kaula teh satona kedah ditangtoskeun heula. Sateuacanna dongkap ka ditu mah kaula tacan terang naon satona anu kedah disanggakeun ka Mantenna teh.”
27Manah raja ku Pangeran disina neugtreug, keukeuh henteu ngidinan. 28Lahirna ka Musa, ”Geura jor mantog ti dieu! Sing ulah kadeuleu-deuleu deui ku kami. Lamun kadeuleu deui ku aing dipaehan!”
29Waler Musa, ”Cocog! Anjeun memang moal kungsi nenjo deui ka kaula!”
Currently Selected:
BUDALAN 10: LAISUN
Highlight
Share
Copy
![None](/_next/image?url=https%3A%2F%2Fimageproxy.youversionapi.com%2F58%2Fhttps%3A%2F%2Fweb-assets.youversion.com%2Fapp-icons%2Fen.png&w=128&q=75)
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991