Ti dinya PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Jungjungkeun leungeun ka langit, sakuliah tanah Mesir bakal jadi poek mongkleng.” Musa ngajungjungkeun pananganana ka langit, reup sakuliah Mesir poek mani ngajumbleng, lilana nepi ka tilu poe. Urang Mesir teu barisaeun patenjo pada batur, sarta sajeroning kitu taya anu kaluar ti imah. Ari di pilemburan urang Israil mah biasa bae caang.