1
BUDALAN 9:16
KITAB SUCI
Tapi maneh kudu nyaksian kakawasaan Kami, sangkan Kami kamashur ka sakuliah jagat. Ku sabab kitu maneh rek dibere keneh hirup.
Compare
Explore BUDALAN 9:16
2
BUDALAN 9:1
PANGERAN nimbalan ka Musa, ”Tepungan deui raja. Kieu kituh timbalan Kami, PANGERAN, Allahna urang Ibrani, ’Umat Kami idinan iang sina ngabakti ka Kami.
Explore BUDALAN 9:1
3
BUDALAN 9:15
Upama Kami geus ngangkat leungeun ngagebug maneh jeung rahayat maneh ku hiji kasakit, maneh tangtu tumpur lebur.
Explore BUDALAN 9:15
4
BUDALAN 9:3-4
maneh tangtu dihukum, ingon-ingon maneh, kuda, kalde, onta, sapi, domba, embe, bakal digebug ku sasalad. Kami rek ngabedakeun ingon-ingon urang Israil ti ingon-ingon urang Mesir. Ingon-ingon urang Israil hiji ge moal aya anu paeh.
Explore BUDALAN 9:3-4
5
BUDALAN 9:18-19
Tenjokeun, isukan wayah kieu Kami rek nurunkeun hujan es anu kacida hebatna. Dina sapanjang sajarah Mesir, balahi kawas kitu kakara ayeuna bakal aya. Pek ayeuna parentahkeun sangkan ingon-ingon maneh jeung naon bae anu keur dikencarkeun di tegalan, kandangkeun. Sabab naon bae anu araya di nu muka, jelema, sasatoan, tangtu paraeh katinggang ku hujan es.’ ”
Explore BUDALAN 9:18-19
6
BUDALAN 9:9-10
Eta lebu bakal terus nyebar ka sakuliah tanah Mesir, di mana-mana bakal nyebarkeun kasakit bisul sarta barucat, tumerap ka jelema jeung ka sasatoan.” Prak aranjeunna ngarawu lebu terus dicandak ka raja, tuluy ku Musa diawurkeun ka awang-awang. Jalma-jalma jeung sasatoan katerap ku kasakit bisul saluar awak, barucat.
Explore BUDALAN 9:9-10
Home
Bible
Plans
Videos