Tukang-tukang sihir tea ge metakeun elmuna rek nurutan ngabijilkeun rambetuk, tapi teu barisaeun. Rambetuk narapuk di mana-mana. Tukang-tukang sihir Mesir arunjukan ka raja pokna, ”Saleresna ieu teh mujijat Allah!” Tapi raja tetep neuaskeun manahna, cocog jeung pangandika PANGERAN yen eta raja moal kersaeun ngagugu ka Musa jeung Harun.