Nanging karuhun anggur adigung sareng bantahan,
henteu narurut kana timbalan.
Maranehna embung tunduk, lali ka pitulung Gusti
lali kana mujijat-mujijat Gusti.
Nalika keur arangkuhna,
maranehna milih kapala,
sina nungtun wangsul deui ka Mesir, ka urutna kumawula.
Nanging Gusti, Allah lautan hampura,
sipat murah pinuh ku kanyaah,
tara enggal-enggal amarah.
Welas asih langkung-langkung,
ka maranehna teu kersa ngantun.