YouVersion Logo
Search Icon

NEHEMIA 9:19-21

NEHEMIA 9:19-21 LAISUN

Najan kitu basa keur aya di gurun, ku Gusti teu dikantunkeun, reh Gusti mah sipat welas. Mega sareng tihang seuneu tea, ku Gusti teu dicandak sirna, tetep nuduhan jalanna, siangna sareng wengina. Gusti anu mulya manah, nuduhan kedah kumaha. Maparin manna keur tedaeunana, maparin cai keur ngarinumna. Di gurun keusik opat puluh taun lamina, dicekapan sugri kaperluanana. Pakeanana tara dugi ka rajet dampal sukuna teu dugi ka marelepuh.