NEHEMIA 9:16-17
NEHEMIA 9:16-17 LAISUN
Nanging karuhun anggur adigung sareng bantahan, henteu narurut kana timbalan. Maranehna embung tunduk, lali ka pitulung Gusti lali kana mujijat-mujijat Gusti. Nalika keur arangkuhna, maranehna milih kapala, sina nungtun wangsul deui ka Mesir, ka urutna kumawula. Nanging Gusti, Allah lautan hampura, sipat murah pinuh ku kanyaah, tara enggal-enggal amarah. Welas asih langkung-langkung, ka maranehna teu kersa ngantun.