Tuluy Yusup diberkahan ku anjeunna, saurna,
”Mugia ieu barudak diberkahan ku Allah, anu disembah ku aki jeung bapa kaula Ibrahim jeung Ishak!
Mangka maranehna diberkahan ku Allah nu geus nyarengan kaula nepi ka ayeuna!
Mangka diberkahan ku malaikat, nu geus ngajait kaula tina sagala bahla!
Mugia ngaran kaula, kitu deui jenengan Aki Ibrahim jeung Bapa Ishak masing bisa tuluy-tumuluy ku lantaran ieu barudak!
Mugia maranehna sing loba anak, ceuyah turunan!”