KOLOSA 1:9-10
KOLOSA 1:9-10 LAISUN
Ti barang nguping hal kaayaan aranjeun kitu, sim kuring teu kendat neneda nyuhunkeun ka Allah supaya Roh-Na nyaangan hate aranjeun sangkan ngarti enya-enya kana pangersa-Na, sarta salawasna sanggup ngalampahkeunana, sapuk jeung manah-Na. Lamun kitu dulur-dulur teh salawasna bakal tunduk kana sakersa Allah, bisa ngajalankeun sagala kahadean jeung beuki terang ka Allah.