YouVersion Logo
Search Icon

MALAKI 4

4
Poena Pangeran tereh datang
1Dawuhan Pangeran Nu Maha Kawasa, ”Geus tereh cunduk poena jelema-jelema anu arangkuh jeung jarahat baris diduruk kawas jarami. Dina poe eta maranehna bakal diduruk nepi ka beak moal aya nu nyesa. 2Ari maraneh, anu narurut ka Kami, bakal kasorot ku kakawasaan Kami anu kawasa nyalametkeun, anu medal lir panonpoe meletek, sarta sinarna matak nyageurkeun. Maraneh bakal bebas, lugina jeung galumbira lir anak sapi anu kakara dikaluarkeun ti kandangna. 3Dina poean Kami midamel kitu, maraneh bakal ngelehkeun jalma-jalma anu jarahat nepi ka diidek kawas lebu.
4Masing aringet kana pangajaran-pangajaran Musa, abdi Kami, kana hukum-hukum jeung parentah-parentah Kami anu ku Kami diandikakeun di Gunung Sinai sangkan ditarurut ku sakumna urang Israil.
5Tapi samemeh poena Pangeran anu hebat pikasieuneun tea datang, Kami rek ngutus heula Nabi Elias. 6Manehna bakal ngarukunkeun deui para bapa jeung anak-anakna. Sabab lamun henteu kitu, nagri maraneh ku Kami bakal dibasmi.”

Currently Selected:

MALAKI 4: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in