YouVersion Logo
Search Icon

SEPANYA 2

2
Uaran kudu tobat
1Eh, bangsa anu teu boga kaera! Geura areling, 2memeh layu kawas kembang, memeh katiban ku seuneu bendu Pangeran, memeh Mantenna ngumbar wera-Na. 3Nu rarendah hate di ieu nagri sarta narurut kana timbalan Pangeran, geura baralik ka Mantenna. Naon nu bener lampahkeun. Laipkeun diri di payuneun Pangeran, malakmandar bisa luput tina hukuman dina poean Pangeran nembongkeun wera-Na.
Hukuman ka bangsa-bangsa sakurilingeun Israil
4Di Gasa saurang ge moal nyesa. Askelon bakal kosong taya jalmaan. Urang Asdod di jero satengah poe bakal kausir. Urang Ekron diusir ti kotana. 5Cilaka maraneh, urang Pelisti, bangsa nu nyicingan sapanjang basisir. Pangeran geus ngaragragkeun hukuman ka maraneh; maraneh bakal ditumpes moal aya nu disesakeun. 6Nagri maraneh di sisi laut bakal jadi tegal ngablak, jadi tempat saung-saung pangangon jeung kandang-kandang domba. 7Tanah maneh bakal diandih ku urang Yuda anu saralamet. Maranehna bakal ngarangon ingon-ingonna di dinya, ari hareesna di imah-imah urut urang Askelon. Hirupna disarengan ku Pangeran Allahna.
8Timbalan Pangeran Nu Maha Kawasa, ”Kami ngadenge urang Moab jeung urang Amon moyok jeung ngahina ka umat Kami, bari nyombong magar sanggup ngarebut nagrina. 9Kami, Allahna urang Israil anu jumeneng, sumpah, Moab jeung Amon pasti dibasmi, saperti Sadumu jeung Gomora. Nagri-nagrina bakal jadi tempat sumur-sumur uyah, jadi ruruntuhan salalanggengna, pinuh ku jukut hama. Umat Kami anu saralamet bakal ngaranjah ka maranehna sarta ngarebut tanahna.”
10Kitu petana hukuman pikeun Moab jeung Amon, lantaran angkuhna jeung adigungna, jeung ku sabab geus ngahina ka umat Pangeran Nu Maha Kawasa. 11Maranehna ku Pangeran bakal disina kasieunan. Pangeran bakal mupus harkat dewa-dewa di bumi sina taya hartina, nepi ka unggal bangsa di nagrina masing-masing ngabarakti ka Mantenna.
12Urang Sudan oge bakal ditibanan hukum pati ku Mantenna.
13 Pangeran bakal nganggo kawasa-Na ngabasmi Asur. Kota Ninewe bakal dijadikeun ruruntuk kosong, jadi tempat nu euweuh caina. 14Di dinya sato-sato lindeuk ngabubuhan darepa jeung rupa-rupa sato lianna. Bueuk-bueuk bakal nyarayang di dinya, disarada dina ruruntuk jandela-jandela, gagak-gagak bakal disarada dina urut bangbarung-bangbarung panto. Kayu kiputri wawangunanana bakal beak dicaroplokkan. 15Kitu pijadieunana eta kota anu gumede ku kakuatanana jeung ngujubkeun dirina baris aman. Pangrasa jalma-jalmana mah kotana teh panggedena di sadunya. Pisakumahaeun sepi jemplingna engke eta tempat teh, jadi pangauban sato-sato leuweung. Sakur anu ngaliwat ka dinya bakal murungkut hatena pinuh kasieun.

Currently Selected:

SEPANYA 2: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in