YouVersion Logo
Search Icon

JAKARIA 4

4
Titingalian ajug emas
1Malaikat anu tadi cacarios ka sim kuring tea sumping deui, ngaguyah-guyah kawas ka anu sare, pok ngalahir, 2”Aya naon nu katenjo?”
Walon sim kuring, ”Aya ajug emas. Di luhurna aya wadah minyak. Eta ajug aya lampuna tujuh. Unggal lampu aya tempat sumbuna tujuh-tujuh. 3Kenca katuhueun eta ajug aya dua tangkal jetun.” 4Seug ku sim kuring ditaroskeun ka eta malaikat, ”Kangge naon eta ajug teh, Juragan?”
5Anjeunna malik mariksa, ”Na teu nyaho?”
”Henteu, Juragan,” walon sim kuring.
10bAnjeunna ngalahir, ”Lampu anu tujuh, eta ngagambarkeun soca Pangeran anu paningalina parat ka sakuliah jagat.”
11Sim kuring naroskeun deui, ”Dupi dua tangkal jetun kenca katuhueun ajug, naon hartosna? 12Sareng naon hartosna dua dahan jetun anu di gigireun dua corong minyak jetun anu tina emas?”
13Anjeunna mariksa, ”Na teu nyaho?”
”Henteu, Juragan,” walon sim kuring.
14Anjeunna ngalahir, ”Eta ngagambarkeun dua jalma anu ku Allah dipilih jeung diistrenan jadi purah laladen ka Pangeran, Gustina saalam dunya.”
Jangji Allah ka Serubabel
6Eta malaikat nimbalan, miwarang kaula nepikeun ieu sabda Pangeran ka Serubabel. Sabda-Na, ”Paneja maneh bakal laksana; lain ku karana kakuatan balad lain ku karana tanaga maneh sorangan, tapi ku karana Roh Kami. 7Kajeun halangan sagede gunung, disanghareupan ku maneh tinangtu musna. Bait Allah bisa diadegkeun deui ku maneh, sarta ana batu panungtung ku maneh geus merenah dipasang dina tempatna, jalma-jalma bakal tinggarero, ʼAduh, ku alus-alus teuing!ʼ ”
8Aya deui sabda Pangeran ka kaula. 9Sabda-Na, ”Serubabel geus masangkeun pademen Bait Kami. Eta kabeh bisa anggeus ku manehna. Upama geus anggeus, umat Kami tangtu yakin yen nya Kami anu ngutus maneh ka maranehna teh. 10aMaranehna tadina ngara kuciwa lantaran eta pagawean mimitina pohara kendorna. Tapi maranehna bakal narenjo Serubabel neruskeun ngadegkeun eta Bait Kami, hatena bakal sarenangeun.”

Currently Selected:

JAKARIA 4: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

YouVersion uses cookies to personalize your experience. By using our website, you accept our use of cookies as described in our Privacy Policy