RUM 12
12
1Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener. 2Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.
3Sim kuring anu geus ngarasakeun murah asih-Na, hayang mere pepeling ka aranjeun: Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna. Ngukur diri kudu reujeung rendah hate, luyu jeung gedena iman paparin ti Allah. 4Lir upama badan, hiji tapi anggahotana rupa-rupa, 5kaayaan urang oge kitu. Lobaan, rupa-rupa, tapi ku sabab geus ngahiji jeung Kristus, urang teh geus dihijikeun jadi sabadan. 6Rahmat kabisa anu katampa ku urang masing-masing rupa-rupa, digunakeunana kudu cocog jeung maksad Allah anu maparinkeunana. Rahmat kana bisa ngawawarkeun warta ti Allah, gunakeun kana ngawawarkeun eta warta, luyu jeung getering iman. 7Rahmat kana bisa nulung, gunakeun kana tutulung; rahmat kana bisa ngawuruk, gunakeun kana ngawuruk; 8rahmat kana bisa ngagedekeun hate batur, gunakeun kana ngagedean hate batur. Saha bae, lamun mere kudu reujeung balabahna, nungtun kudu reujeung enya-enya, mere kahadean kudu reujeung senang hate.
9Tembongkeun kanyaah reujeung iklas. Musuhan kagorengan, genggem naon anu hade. 10Sing silih raketan, silih pidulur, jeung silih ajenan. 11Kudu getol kana gawe, ulah mumulan. Kudu bakti ka Allah reujeung hate anu tigin. 12Dina keur aya anu diharep, hate kudu masing janglar, sing tawekal dina kasusah, jeung sing rajin neneda. 13Batur sakapercayaan anu keur aya kakurangna, tulungan sapangabutuhna; tampa hade-hade mun aya anu ngadon datang ka imah.
14Jelema anu neungteuinganan ulah disumpahan, malah kudu dipangnedakeun ka Allah mugia sing diberkahan. Enya, kudu kitu! 15Kudu milu bagja ka nu meunang bagja, milu ceurik ka nu ceurik. 16Tata-titi ka batur kudu sarua. Nyekel kawajiban ulah bari kamagungan, kudu reujeung rendah hate. Ulah ngarasa aing pinter.
17Nu goreng ulah dibales ku goreng. Usahakeun kumaha bae jalanna anu ceuk batur ge hade, 18sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae. 19Poma dulur-dulur, ulah hayang ngabales, eta mah wewenang Allah. Ceuk Kitab Suci oge, ”Kami anu pimaleseunana, Kami anu bakal ngahukumna, kitu pilahir Pangeran.” 20Malah hadena mah, sakumaha ceuk Kitab Suci, ”Lamun musuh lapareun bere dahar, lamun hanaangeun bere nginum; ku dikitukeun teh manehanana moal teu ngarasa asa renghek bawaning ku eraeun.” 21Kade, ulah nepi ka kabawa ku amarah, elehkeun pikiran goreng teh ku anu hade.
Currently Selected:
RUM 12: LAISUN
Highlight
Share
Copy

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991