YouVersion Logo
Search Icon

YESAYA 64

64
1Ku naon Gusti henteu nyingraykeun langit lajeng lungsur? Gunung-gunung sina ngadaregdeg kasieunan naringal Gusti. 2Sina ampul-ampulan sapertos cai ngagolak keur digodog di luhur seuneu. Geura sumping mintonkeun kakawasaan ka musuh-musuh. Bangsa-bangsa teh sina tingsareblak di payuneun Gusti. 3Sapertos kapungkur, kalayan teu kasangka-sangka Gusti ngayakeun rupi-rupi pikasieuneun, gunung-gunung oge dugi ka inggeung-inggeungan ku Gusti. 4Teu acan aya anu ningal atanapi nguping yen aya deui Allah nu sapertos Gusti, anu iasa midamel kaahengan-kaahengan kitu kangge nulungan jalmi-jalmi anu nyuhunkeun pitulung. 5Gusti ngabageakeun jalmi-jalmi anu daek ngalampahkeun anu leres sareng eling kana jalan pituduh ti Gusti. Gusti sok ngabenduan, nanging kalakuan abdi-abdi teu weleh awon bae. Sanaos ku Gusti sok kacida dibenduanana, ti kapungkur keneh angger bae abdi-abdi nyieun kalepatan. 6Ku margi abdi pinuh ku dosa, kalakuan anu sae oge jadi awon saterasna. Ku karana eta dosa, abdi-abdi jadi sapertos daun, perang teras maruragan katebak ku angin. 7Abdi-abdi teu aya anu emut sareng neneda ka Gusti, teu aya anu nyuhunkeun pitulung ka Gusti. Ku karana eta dosa-dosa, abdi-abdi ku Gusti disingkiran sareng dikantunkeun.
8Nanging nun Pangeran, Gusti teh rama abdi sadaya. Abdi-abdi teh dadamelan Gusti, sapertos taneuh lempung ku panjunan. 9Nun, mugi Gusti ulah bendu kateterasan, ulah teras bae mikaemut kadorakaan abdi sadaya. Abdi-abdi teh umat Gusti, mugi dipikawelas. 10Tingali kota-kota Gusti anu suci jadi sakitu suwungna. Yerusalem jadi bukrak-bakrek. 11Bait Allah anu suci sareng agreng, anu ku karuhun abdi-abdi dianggo paranti muji sukur ka Gusti parantos seep ku seuneu. Tempat-tempat anu ku abdi-abdi dipikameumeut parantos rareksak. 12Naha Gusti tega ningalina? Moal midamel naon-naon? Bade ngajeunkeun ka abdi-abdi anu parantos teu kiat nandangan kabalangsakan?

Currently Selected:

YESAYA 64: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in