YouVersion Logo
Search Icon

KAJADIAN 23

23
Sarah pupus
1Sanggeus Sarah yuswana 127 taun, 2Sarah pupus di Hebron di tanah Kanaan. Ibrahim anu dikantun, midangdam taya hinggana, lajeng sasayagian keur ngurebkeun.
3Layon ku anjeunna dikantun nepangan heula urang Het anu maratuh di dinya. Saurna, 4”Dulur-dulur, sim kuring teh kawantu anu ngumbara, padumukan oge teu acan jinek. Ayeuna butuh lahan keur nguburkeun pun bojo. Kumaha upami meser ti dulur-dulur?”
5Jawab maranehna, 6”Kieu eta mah, Juragan! Juragan teh kapala anu kawasa di dieu. Atuh sumangga tuang geureuha teh kurebkeun di salah sawios makam milik anu utami di dieu. Saurang ge moal aya nu kaabotan makam milikna dianggo keur ngurebkeun tuang geureuha.” 7Ibrahim dongko hormat ka maranehanana 8sarta ngalahir, ”Upami leres rarido sim kuring nguburkeun pun bojo di dieu, pangmundutkeun ka Epron, putra Sohar, 9supados Guha Makpela kagunganana anu di sisi humana tea diical ka sim kuring. Bade dipeser sapangaosna kalayan disaksian ku aranjeun, supados eta pamakaman teh sah kagaduhanana ku sim kuring.”
10Ari Epron harita keur ngariung jeung urang Het di gapura kota. Pok Epron nyarita ka Ibrahim, kadenge ku sakur anu araya di dinya, 11”Kaom sim kuring jaradi saksi yen eta huma katut guhana, ku sim kuring disanggakeun sangkan Juragan tiasa ngurebkeun tuang bojo.”
12Ibrahim dongko ka hareupeun urang dinya, 13pok ngawaler ka Epron, kadarenge ku sarerea, saurna, ”Hatur nuhun kana kasaean Saderek. Nanging ku sim kuring tetep bade dipeser, sadayana. Pun bojo bade dikuburkeun di dinya. Mangga ieu pameseranana ditampi.”
14Walon Epron, 15”Kitu oge sae. Nanging da tanah mung sacangkewok, sayaktosna kanggo urang naon hartosna. Mangga tuang geureuha teh kurebkeun di dinya. Dupi pangaosna mah 400 uang perak.” 16Ibrahim rujuk. Bari disaksian ku bani Het anu araya di dinya, perak keur mayarna terus ditimbang ku timbangan anu sah diparake ku para sudagar, jumlahna 400 uang perak sakumaha pamenta Epron.
17Ti dinya, eta lahan Epron anu di Makpela wetaneun Mamre teh geus sah jadi milik Ibrahim katut guhana, malah katut tatangkalanana, nepi ka tungtung-tungtung wawatesanana. 18Ku bani Het geus diaraku kalawan sah, yen eta lahan teh geus jadi milik Ibrahim.
19Ti dinya Ibrahim ngurebkeun Sarah geureuhana di eta guha di tanah Kanaan. 20Jadi eta tanah anu tadina milik urang Het, ayeuna geus sah jadi milik Ibrahim, dianggo tanah makam.

Currently Selected:

KAJADIAN 23: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in