YouVersion Logo
Search Icon

ESRA 3

3
Ngamimitian deui ngabakti
1Dina bulan katujuh sanggeus urang Israil kabeh merenah di tempatna masing-masing, tuluy kumpul di Yerusalem. 2Seug Yesua bin Yosadak sakancana para imam, Serubabel bin Sealtiel jeung wargi-wargina, ngadegkeun altar pikeun Allahna Israil, paranti ngaduruk kurban-kurban anu kaungel dina Hukum Musa utusan Allah. 3Saenyana eta anu kakara marulang ti pangbuangan teh ngarasa risi ku pangeusi tanah eta, tapi altar teh teu burung diadegkeun dina urutna keneh. Kurban-kurban anu biasa dilampahkeun saban isuk jeung sore teh dijalankeun deui. 4Pesta Saung Daun diayakeun deui nurutkeun aturanana, kitu oge kurban-kurban sapopoena. 5Dipepekan ku kurban-kurban anu kudu diduruk belegeran dina Pesta Bulan Anyar sarta kumpulan-kumpulan ibadah bari derma suka rela haturkeuneun ka Pangeran. 6Sanajan maranehna tacan prak ngadegkeun deui Bait Allah, tapi dina tanggal hiji bulan katujuh geus mimiti ngaduruk kurban-kurban pikeun Pangeran.
Ngamimitian ngadegkeun deui Bait Allah
7Tuluy maranehna ngumpulkeun duit, nyararumbang pikeun mayar tukang-tukang batu jeung tukang-tukang kayu. Ngumpulkeun bahan dahareun, inuman jeung minyak jetun, kirimkeuneun ka Tirus jeung Sidon geusan ditukeurkeun kana kai kiputri ti Libanon sarta kaina ti ditu dikirimkeun ka Yopa make jalan laut. Eta kabeh kalawan paidin Kores, raja Persia. 8Dina bulan kadua taun kadua ti sabada daratang ka Yerusalem, urang Israil ngamimitian ngadegkeun deui Bait Allah. Serubabel, Yosua jeung batur-baturna anu sabangsa, urang Lewi, para imam, cindekna sakur urut boyongan, kabeh marilu digawe ngadegkeun. Jalma-jalma urang Lewi anu umurna dua puluh taun ka luhur dititah ngawaskeun eta pagawean. 9Ari Yesua, urang Lewi tea, jeung anak-anakna jeung duduluranana, kitu deui Kadmiel jeung anak-anakna (kaom Hodawia), milu ngawas, dibantu ku urang Lewi ti kaom Henadad.
10Dina rek degna masang pademen Bait Allah, para imam darangdan pakean kaimaman, seug ngaradeg nyarikep tarompet, bareng jeung kaom Lewi golongan Asap anu nyekel kekecrek. Tuluy maruji ka Pangeran nurutkeun aturan jaman Raja Daud. 11Maranehna nganyanyikeun lagu paranti ngagungkeun Pangeran, sarta bagian ulanganana dipindo, kieu:
Pangeran teh mulya manah, langgeng asih ka Israil.”
Ger surak maratan jagat ngamulyakeun ka Pangeran, muji sukur rehna pademen Bait Allah geus bisa mimiti dipasang. 12Imam-imam anu geus sarepuh, jalma-jalma urang Lewi, jeung para pamingpin golongan anu geus kungsi naringal Bait Allah anu ti heula, naringali pademen Bait Allah anu ayeuna mimiti dipasang teh loba anu nepi ka careurik jeung midangdam. 13Sora nu ceurik jeung nu surak geus teu bisa dibedakeun. Sora nu surak ayeuh-ayeuhan campur jeung sora nu ceurik pating jarerit, kadenge nepi ka jauhna.

Currently Selected:

ESRA 3: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in