YEHESKEL 42
42
Adegan-adegan deukeut Bait Allah
1Geus kitu kaula dibawa ka buruan luar, tuluy dibawa asup ka hiji adegan kalereun gedong Bait Allah, teu jauh tina adegan anu aya di tungtung kulon. 2Eta adegan panjangna lima puluh meter, rubakna dua puluh lima meter. 3Anu sabeulah nyanghareup ka Bait Allah, kaselang ku nu ngoblog rubakna sapuluh meter. Anu sabeulah deui nyanghareup ka emper buruan luar. Adeganana tilu umpak. Umpak-umpak anu beh luhur leuwih ngelok ti batan anu aya di handapeunana. 4Di sapanjang sisi kalerna make lolongkrang rubakna lima meter, panjangna lima puluh meter, di gigirna make lawang. 5Kamar-kamar dina umpak pangluhurna leuwih heureut ti batan kamar-kamar anu dina umpak panengah jeung umpak panghandapna, lantaran ngelok. 6Kamar-kamarna tilu umpakanana ayana dina petakan-petakan, jeung henteu make tihang-tihang saperti anu aya dina adegan-adegan di buruan. 7-8Tembok luar umpak panghandapna, anu dua puluh lima meter atawa satengah tina panjangna, dipadetkeun. Anu satengahna deui, dua puluh lima meter, dipake kamar-kamar. Ari umpak anu pangluhurna, sapanjangna kabeh dipake kamar-kamar. 9-10Handapeun dua kamar tungtung wetan, dina puhu tembokanana aya lawang ka buruan.
Kiduleun Bait Allah aya deui adegan, bangunna sarua jeung anu di kaler, teu jauh ti adegan anu di kuloneun Bait Allah. 11Di hareupeun kamar-kamarna aya jalan saperti anu di tungtung kaler. Ukuranana, papaesna kitu deui lawang-lawangna, sarua jeung anu di kaler. 12Handapeun kamar-kamar tungtung kidul, dina puhu tembokan sisi wetan, aya panto.
13Jelema tea sasauran ka kaula, ”Ieu adegan duanana suci, paranti imam-imam anu baku marek ka Pangeran ngadalahar kurban pangsucina. Luyu jeung kasucianana, eta kamar-kamar ku para imam dipake nyimpen kurban-kurban suci, nya eta kurban kadaharan, kurban panebus dosa, jeung kurban panebus kasalahan. 14Imam-imam anu tas ti jero Bait Allah, lamun arek kaluar ka buruan, kudu salin heula, pakean sucina paranti ngadeuheus ka Pangeran kudu disimpen di kamar-kamar ieu, kakara meunang kaluar nepungan jalma rea.”
Ukuran kuriling Bait Allah
15Sabada anjeunna ngukur Bait Allah ti jero, kaula dibawa ka luar, jalanna ka lawang wetan. Prak anjeunna ngukur kuriling Bait Allah. 16Sisi wetan diukur ku tumbakan, aya dua ratus lima puluh meter. 17-19Geus kitu ngukur sisi kaler, sisi kidul, jeung sisi kulon, ukuranana sarua masing-masing dua ratus lima puluh meter, 20jadi mangrupa petak pasagi, dikuriling ku pager tembok panjangna tiap sisi dua ratus lima puluh meter. Eta pager tembok teh pager pamisah, anu misahkeun anu suci ti nu henteu suci.
Currently Selected:
YEHESKEL 42: LAISUN
Highlight
Share
Copy

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991