YouVersion Logo
Search Icon

BUDALAN 1

1
Urang Israil diteungteuinganan di Mesir
1Yakub ngungsina ka Mesir teh sapala putra, masing-masing jeung saanak bojona. Putra-putrana nya eta: 2Rubin, Simeon, Lewi, Yuda, 3Isaskar, Sebulun, Binyamin, 4Dan, Naptali, Gad, jeung Aser. 5Jumlahna aya tujuh puluh urang turunan Yakub. Ari putrana nu jenengan Yusup mah geus ti heula aya di Mesir. 6Yusup pupus, saderek-saderekna parupus, kitu deui jalma-jalma anu saentragan jeung Yusup. 7Kari turunan-turunanana, nya eta urang Israil. Ieu bangsa laloba anakna, jumlahna beuki ngarekahan sarta jadi kuat, Mesir geus pinuh ku maranehna.
8Geus kitu ngadeg hiji raja anyar nyangking Mesir, anu henteu uningaeun ka Yusup. 9Eta raja nimbalan ka rahayatna, saurna, ”Urang Israil kacida lobana jeung kuat. Urang jadi kaancam. 10Mun aya perang palangsiang maranehna biluk ka musuh merangan ka urang tuluy kalabur ti dieu. Ayeuna urang akalan supaya ulah ngalobaan.” 11Seug urang Israil teh ku urang Mesir ditarik, dipaksa kana gawe beurat, nu dipalar supaya paeheun pikir. Urang Israil dipaksa gawe nyieun kota pagudangan pikeun raja, nya eta kota Pitom jeung Raamses. 12Tapi beuki dikaniaya kalah ka beuki loba, sumebar di sakuliah nagara, kacida dipikainggisna ku urang Mesir. 13-14Atuh beuki dikaniaya, kacida diteungteuinganana, sina nyarieunan bata jeung rupa-rupa pagawean di tegalan-tegalan, teu pisan diomberan.
15Malah raja Mesir marentah ka Sipra jeung Pua, dua paraji anu sok marajian ka awewe urang Ibrani, timbalanana, 16”Lamun marajian awewe urang Ibrani, orokna lamun lalaki paehan, mun awewe meunang dihirupan.” 17Tapi eta dua paraji teh mikasieun ka Allah, parentah rajana henteu diturut. Teu aya orok lalaki anu dipaehan. 18Ku raja disalaur jeung dipariksa, ”Ari maraneh kumaha? Ku naon orok-orok lalaki diantep bae sina harirup?”
19Piunjuk paraji, ”Awewe urang Ibrani teu sapertos awewe Mesir. Awakna kariat, ngajuruna garampil, memeh paraji dongkap orokna parantos brol manten.” 20-21Nu matak eta dua paraji teh mareunang kurnia ti Allah, nepi ka barisa imah-imah kurenan. Ari urang Israil terus bae ngalobaan, beuki kuat. 22Tungtungna raja Mesir marentah ka sakabeh rahayatna, timbalanana, ”Rampas sakabeh orok lalaki urang Ibrani, palid-palidkeun ka Walungan Nil. Nu awewe ingkeun, hirupan.”

Currently Selected:

BUDALAN 1: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in