1 SAMUEL 21
21
Daud kabur ti Saul
1Daud angkatna ngabujeng ka Imam Ahimelek di Nob. Ahimelek hariweusweus kageteun, tuluy mapag jeung mariksa, ”Geuning nyalira bae?”
2Diwaler ku Daud, ”Nuju ngemban timbalan raja. Timbalanana ieu perkawis anu diemban teh ulah aya anu terangeun. Rerencangan mah dipiwarang ngarantosan di Anu. 3Manawi Bapa kagungan keur bekel? Roti lima siki atanapi naon bae anu aya.”
4Ceuk imam, ”Roti biasa mah teu gaduh, aya oge roti suci. Eta bae candak, kitu soteh upami hidep sareng rencang-rencang parantos nyegah anjeun ti istri.”
5Saur Daud, ”Kantenan! Sarengna deui sadayana oge pimanaeun ka istri! Bujeng-bujeng keur ngemban timbalan anu sakieu pentingna, keur ngemban perkawis anu biasa ge rerencangan sok susuci heula.”
6Tuluy roti suci teh ku imam diserenkeun ka Daud, da ngan eta anu aya, nya eta roti anu dipake ngahaturanan ka Allah. Ngan rotina geus diangkat tina meja suci, geus diganti ku nu anyar.
(7Poe eta di dinya kabeneran aya kapala tukang ngangon ingon-ingon Saul, ngaranna Doeg urang Edom, keur nedunan ibadahna.)
8Daud misaur deui ka Ahimelek, ”Manawi kagungan tumbak atanapi pedang keur cekeleun putra? Putra teu kabujeng ngabantun heula pakarang ka rorompok, margi ku raja ditimbalan rurusuhan.”
9Saur Ahimelek, ”Aya oge pedang Goliat urang Pelisti tea, anu ku hidep ditiwaskeun di Lebak Ela. Mung eta-etana. Ari diperyogikeun mah mangga bae, itu pungkureun epod dibungkus ku lawon.”
Saur Daud, ”Leres eta bae. Pedang pangsae-saena eta teh di mana-mana oge.”
10Ti dinya Daud kebat angkatna nyingkahan Saul, ngabujeng ka Gat, ka Raja Akis. 11Ponggawa-ponggawa Raja Akis unjukan ka rajana, pokna, ”Eta teh sanes Daud tea, raja di nagarana? Kapan eta anu ku awewe-awewe dipapag ku igel sareng kawih anu pokna, ’Saul maehan mangrebu-rebu, Daud maehan manglaksa-laksa.’ ”
12Eta omongan kacida matak salempangna ka Daud, sarta anjeunna kacida sieuneunana ku Raja Akis. 13Barang dilingkung arek ditangkep, anjeunna api-api jadi jelema owah, kuat-koet kana panto lawang kota bari ludahna sina ngacay kana rumbah. 14Saur Akis, ”Geuning nu gelo! Rek naon dibawa ka kami? 15Na kami teh kakurangan nu gelo make ditambahan ku ieu, kudu ngalalajoan eta si burung ngamuk di imah kami?”
Currently Selected:
1 SAMUEL 21: LAISUN
Highlight
Share
Copy
![None](/_next/image?url=https%3A%2F%2Fimageproxy.youversionapi.com%2F58%2Fhttps%3A%2F%2Fweb-assets.youversion.com%2Fapp-icons%2Fen.png&w=128&q=75)
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991