Ti dinya Yesus ku Iblis dibawa ka Yerusalem, ka puncak Bait Allah nu pangluhurna. Ceuk Iblis ka Anjeunna, ”Lamun Anjeun Putra Allah, coba geura ngaragragkeun anjeun ti dieu ka handap. Sabab ceuk Kitab Suci, ʼAllah bakal miwarang para malaikat-Na nangtayungan Anjeun.ʼ Jeung, ʼPara malaikat bakal nyangga salira Anjeun, nepi ka Anjeun moal tigasruk sampean-sampean acan kana batu.ʼ ”
Tapi waler Yesus, ”Ceuk Kitab Suci, ʼManeh ulah ngadoja ka Pangeran Allah maneh.ʼ ”