Hal ieu geus dituliskeun dina Kitab Nabi Yesaya, ungelna:
”Aya anu cumeluk di gurun keusik:
ʼSadiakeun jalan keur Pangeran,
jieun jalan anu lempeng pikeun Mantenna!
Lebak-lebak urugan,
pasir-pasir, gunung-gunung datarkeun.
Anu pungkal-pengkol jieun lempeng,
anu tarengtong ratakeun.
Sakumna manusa bakal narenjo
Allah nyalametkeun manusa!ʼ ”