KAJADIAN 39:7-9
KAJADIAN 39:7-9 LAISUN
Lila-lila geureuha juraganana kapincut, ka Yusup rajeun melong, tungtungna waleh, saurna, ”Urang ngedeng jeung kami.” Ku Yusup ditolak, saurna, ”Abdi ku juragan pameget parantos dipercanten ngurus gedong saeusina, anjeunna mah tara milu-milu uninga. Sagala kagunganana sina diurus ku abdi. Sagala rupi di ieu gedong dikawasakeun ka abdi, teu aya anu diulahkeun, lintang ti ka juragan istri, geureuhana. Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah.”