Dina hiji poe sanggeus akil baleg Musa angkat nepangan bangsana, urang Israil. Katingalieun yen bangsana sakitu diteungteuinganana, digawekeun sakitu beuratna. Malah katingalieun aya urang Israil, bangsa anjeunna, anu dipaehan ku urang Mesir. Musa luak-lieuk. Sanggeus tetela yen moal aya anu nangenan, habek urang Mesir teh ku anjeunna dipaehan, mayitna diruang dina keusik.