PILIPI 2:14-16
PILIPI 2:14-16 LAISUN
Lampahkeun sagala kawajiban ulah bari kukulutus atawa cekcok. Tembongkeun yen aranjeun mulus laku beresih hate, sampurna taya kuciwa, sakumaha layakna anu jadi putra Allah di tengah jelema-jelema nu teu balener di ieu dunya nu pinuh ku dosa. Enggoning ngawartakeun wawaran perkara hirup ka nu sejen, kudu jadi saibarat bentang-bentang anu nyaangan langit. Lamun kitu, munasabah mun dina poean Kristus sumping sim kuring agul ku aranjeun teh, da bukti usaha jeung pagawean sim kuring henteu mubadir.