EPESUS 4:11-13
EPESUS 4:11-13 LAISUN
Anu ”maparin kurnia-kurnia ka manusa” teh nya Anjeunna. Manusa teh aya anu dipaparin kurnia pikeun jadi rasul, aya nu pikeun jadi nabi, aya nu pikeun jadi juru uar Injil, aya nu pikeun jadi pamingpin jamaah, aya nu pikeun jadi guru jamaah. Ku midamel kitu Anjeunna teh nyampurnakeun umat Allah pikeun mangku tugas ti Mantenna, sina ngadeg jadi salira Kristus, satunggal dina hiji iman kapercayaan jeung dina kanyaho ka Putra Allah, sawawa mikir jeung beuki sampurna saperti Kristus.