YouVersion Logo
Search Icon

DANIEL 9:18-19

DANIEL 9:18-19 LAISUN

Dangukeun nun Allah. Tingali abdi sadaya. Tingali kasangsaraan abdi sadaya sareng kasangsaraanana kota anu nganggo jenengan Gusti. Ieu sadaya wantun kapiunjuk, sanes ku margi abdi-abdi parantos bener kalakuan, mung ku jalaran Gusti teh welas asih. Nun Gusti dangukeun. Mugi kersa ngahapunten. Panyambat mugi dimakbul, supados jalmi-jalmi tarerang yen Gusti teh Allah. Mugi ulah dilamikeun deui, margi eta kota sareng bangsa teh kagungan Gusti.”