2 SAMUEL 18:33
2 SAMUEL 18:33 LAISUN
Raja rampohpoy, manahna sumeblak. Sup lebet ka kamar peuntaseun lawang, ngadon nangis. Bari angkat henteu weleh sumambat, ”Emh Absalom, Absalom, anaking! Mending oge Ama anu paeh, nalangan Enung, anaking, anaking!”