1 RAJA-RAJA 17:12
1 RAJA-RAJA 17:12 LAISUN
Ari tembalna, ”Demi PANGERAN Allah anu jumeneng, panutan Bapa, abdi teh balaka bae parantos teu gaduh tedaeun. Kantun tipung sakeupeul dina wadah, sareng minyak jetun sakeclak dina cecenting. Ieu suluh kenging ngarorotek di dieu teh kangge ngasakkeun eta anu saeutik, keur abdi sareng pun anak. Kantun sakitu-kituna. Seep eta mah kantun ngantos-ngantos ajal ku langlayeuseun.”