1
RUM 7:25
KITAB SUCI
Rebu laksa nuhun ka Allah, Mantenna kersa nyalametkeun sim kuring ku jalan Gusti urang Yesus Kristus. Kieu kaayaan sim kuring teh: Ari batin tunduk kana Hukum Allah, ari tabeat taluk kana hukum dosa.
Compare
Explore RUM 7:25
2
RUM 7:18
Sim kuring ge ngarasa, diri teh henteu kaancikan ku anu hade. Buktina najan hayang oge nyieun kalakuan hade, ngalampahkeunana mah teu mampuh.
Explore RUM 7:18
3
RUM 7:19
Anu dilampahkeun teh lain anu hade sakumaha kahayang hate, tapi anu teu panuju jeung hate.
Explore RUM 7:19
4
RUM 7:20
Ku sabab anu dilampahkeun teh lain anu panuju jeung hate, ieu nandakeun yen anu ngalampahkeunana teh lain sim kuring, tapi dosa anu ngancik dina diri.
Explore RUM 7:20
5
RUM 7:21-22
Jadi kacindekan sim kuring, dina hal ieu anu jadi bibit pangaruhna nya hukum tea: ana sim kuring hayang migawe anu hade, ari anu timbul dina hate ngan anu goreng. Batin mikasuka parentah-parentah Allah
Explore RUM 7:21-22
6
RUM 7:16
Ku lantaran anu dilampahkeun teh saenyana mah teu akur jeung lelembutan, ieu nandakeun yen sim kuring ngaku benerna Hukum Agama Yahudi.
Explore RUM 7:16
Home
Bible
Plans
Videos