1
RUM 4:20-21
KITAB SUCI
Percayana kana eta jangji Allah henteu galideur, henteu ngaraos hamham, anggur tambah pengkuh, nepi ka muji sukur ka Allah. Ibrahim kacida yakinna yen Allah kawasa ngalaksanakeun jangji-Na.
Compare
Explore RUM 4:20-21
2
RUM 4:17
Sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, ”Maneh ku Kami geus dijadikeun bapa pirang-pirang bangsa.” Kitu jangji Allah ka Ibrahim, anu percaya yen Allah iasa ngahirupkeun nu geus maot, anu pangandika-Na iasa ngajadikeun nu can aya jadi aya.
Explore RUM 4:17
3
RUM 4:25
Ku karana dosa urang, Yesus diserenkeun sina ditelasan, ti dinya dihirupkeun deui ku Allah, supaya ku jalan kitu urang bisa diangken jelema bener ku Allah.
Explore RUM 4:25
4
RUM 4:18
Ibrahim percaya sarta teu weleh ngarep-ngarep, sanajan kawas geus taya pangharepan deui. Nya ku sabab kitu anjeunna teh jadi ”bapa pirang-pirang bangsa”. Sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, ”Turunan maneh bakal loba saperti bentang di langit.”
Explore RUM 4:18
5
RUM 4:16
Jadi Allah maparin jangji teh ku sabab Ibrahim percaya ka Mantenna. Eta jangji teh nanggung yen anu dijangjikeunana pasti dilaksanakeun, nya eta kurnia pikeun sakabeh turunan Ibrahim. Lain pikeun anu tuhu kana Hukum Agama Yahudi bae, tapi oge pikeun anu percaya ka Allah sakumaha Ibrahim oge percaya ka Allah. Sabab Ibrahim teh bapa rohani urang sarerea.
Explore RUM 4:16
6
RUM 4:7-8
”Bagja jelema anu geus dihampura kasalahanana, anu geus dileungitkeun dosa-dosana. Bagja jelema anu dosa-dosana ku Allah henteu dibalitungkeun!”
Explore RUM 4:7-8
7
RUM 4:3
Kitab Suci nyebutkeun, ”Ibrahim percaya ka Allah, sarta ku karana kapercayaanana anjeunna ku Allah diangken jelema bener.”
Explore RUM 4:3
Home
Bible
Plans
Videos