1
PILIPI 4:6
KITAB SUCI
Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.
Compare
Explore PILIPI 4:6
2
PILIPI 4:7
Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.
Explore PILIPI 4:7
3
PILIPI 4:8
Cindekna dulur-dulur, kudu malikiran teh nu hade, nu peryoga, nu bener, nu adil, nu mulus, nu manis, sarta nu kaajen.
Explore PILIPI 4:8
4
PILIPI 4:13
Kaayaan nu kumaha bae kuat nandanganana, lantaran dikuatkeun ku kakawasaan Kristus.
Explore PILIPI 4:13
5
PILIPI 4:4
Salilana sing saruka hirup ngahiji jeung Gusti. Sakali deui: Sing saruka!
Explore PILIPI 4:4
6
PILIPI 4:19
Sabalikna sagala pangabutuh aranjeun tangtu bakal dicukupan ku Allah sim kuring nu langkung sugih, ku karana Kristus Yesus.
Explore PILIPI 4:19
7
PILIPI 4:9
Lakonan pituduh-pituduh ti sim kuring anu geus diajarkeun jeung geus katarima ku aranjeun, boh tina omongan sim kuring, boh tina tingkah laku sim kuring. Lamun kitu, geus tangtu aranjeun bakal disarengan ku Allah anu iasa nengtremkeun hate.
Explore PILIPI 4:9
8
PILIPI 4:5
Kudu someah ka unggal jelema. Gusti urang tereh sumping.
Explore PILIPI 4:5
9
PILIPI 4:12
Hirup teu cukup bisa, hirup leuwih ti cukup bisa, geus terang rasiahna. Iraha bae, di mana bae, keur makmur, keur kekerehet, keur sagala aya, keur sagala kurang, teu weleh ditarimakeun.
Explore PILIPI 4:12
10
PILIPI 4:11
Tapi nyebutkeun kieu oge lain ku sabab sim kuring ngarasa dilalaworakeun nepi ka hirup teu cukup. Geus biasa sim kuring mah hirup ku saaya-aya, geus diajar.
Explore PILIPI 4:11
Home
Bible
Plans
Videos