Ti dinya dulur-dulur dipangmacakeun Hukum Musa, tarik kadenge ku sarerea. Macana nepi ka bagian anu unina ngalarang umat Allah campur jeung urang Amon atawa urang Moab. Lantaranana, keur mangsa Israil kaluar ti Mesir, keur di satengahing jalan, urang Amon jeung urang Moab ti batan mawakeun dahareun mawakeun cai, kalah ka ngongkos Balhum sina nyapa ka Israil. Sukur, panyapana ku Allah urang dirobah ngajadi berkah.