1
LUKAS 12:40
KITAB SUCI
LAISUN
Nya kitu maraneh oge kudu caringcing ngadago pisumpingeunana Putra Manusa, sabab pisumpingeuna-Na teh dina waktu anu teu kasangka-sangka pisan.”
Compare
Explore LUKAS 12:40
2
LUKAS 12:31
Tapi pentingkeun heula hal Karajaan Mantenna, sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna diurus.”
Explore LUKAS 12:31
3
LUKAS 12:15
Sasaurana-Na diteruskeun ka sarerea, ”Kahade maraneh ulah nepi ka boga sipat sarakah dina hal naon bae; sabab hirup jalma teh saenyana lain gumantung kana hartana, masih sakumaha beungharna oge.”
Explore LUKAS 12:15
4
LUKAS 12:34
Sabab tibelatna hate teh ka tempat harta.”
Explore LUKAS 12:34
5
LUKAS 12:25
Na bisa maraneh numbu hirup barang sakeudeung ku kasalempang perkara eta?
Explore LUKAS 12:25
6
LUKAS 12:22
Pilahir-Na deui ka murid-murid, ”Ku sabab kitu maraneh ulah salempang sieun teu manggih dahar pikeun hirup, sieun teu boga pakean pikeun awak.
Explore LUKAS 12:22
7
LUKAS 12:7
Malah buuk sirah maraneh ge ku Mantenna geus dietang. Jadi ulah salempang; maraneh leuwih hargaan ti batan manuk piit!”
Explore LUKAS 12:7
8
LUKAS 12:32
”Maraneh anu ngan saeutik ulah salempang, sabab Rama maraneh sukaeun maparin berkah ka maraneh ti Karajaana-Na.
Explore LUKAS 12:32
9
LUKAS 12:24
Tenjo manuk gagak, tara pepelakan tara ngumpulkeun parab, teu ngabogaan gudang atawa leuit, ku Allah teu kendat diparaban! Maraneh leuwih hargaan ti batan manuk!
Explore LUKAS 12:24
10
LUKAS 12:29
Mana oge ulah bingung ku sual dahar jeung nginum. (
Explore LUKAS 12:29
11
LUKAS 12:28
Malah jukut, anu poe ieu aya poe isuk geus beak diduruk, ku Allah didangdanan alus pisan. Atuh komo maraneh mah moal datang ka teu dipakeanan ku Mantenna. Ipis pisan maraneh mah kapercayaan ka Allah teh!
Explore LUKAS 12:28
12
LUKAS 12:2
Sabab naon bae anu disamunikeun bakal katembong, rasiah naon bae bakal kaboker.
Explore LUKAS 12:2
Home
Bible
Plans
Videos