PANGERAN miwarang kaula ka gapura Bait Allah, paranti urang Yuda arasup ngabakti. Kaula dititah nangtung di dinya ngumumkeun pangandika Mantenna, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil. Kieu anu kudu diucapkeun ka maranehna, ”Robah kalakuan jeung kabiasaan hirup maraneh, sangkan ku Kami diidinan caricing di dieu.