Sangkan urang Epraim ulah aya nu lolos, tempat-tempat sisi Walungan Yordan anu kira-kira bisa dipake meuntas, ku urang Gilad direbut. Ana aya urang Epraim menta idin meuntas arek nyoba-nyoba kabur, ku urang Gilad ditanya, ”Maneh urang Epraim?” Upama jawabna, ”Lain,” terus dititah ngucapkeun ”Syibolet”. Urang Epraim ngucapkeunana teh ”Sibolet”, teu bisaeun bentes. Upama geus kitu eta jelema ditewak tuluy dipaehan di dinya keneh, di salah sahiji peupeuntasan Walungan Yordan. Harita urang Epraim anu diparaehan teh nepi ka opat puluh dua rebu jelema.