Coba geura naranjak ka pasir nuaran kai, Bait Kami adegkeun deui, sangkan hate Kami genah, sangkan Kami dibakti sakumaha mistina.
Maraneh ngarep-ngarep mucekil panen, tapi sanggeus panen hasilna teu pira. Ana diakut ka imah, di tengah jalan ku Kami ditiup manten. Ku naon sababna Kami kitu? Ku sabab Bait Kami, burak-barik keneh, da maraneh masing-masing jongjon nyieun imah sorangan.