1
HABAKUK 3:17-18
KITAB SUCI
Najan kondang teu baruahan, tangkal anggur taya anggurna, najan panen jetun gagal, jeung di huma taya pelak gandum najan domba kabeh paraeh, kandang sapi kararosong, kaula moal weleh suka jeung bungah, sabab aya Pangeran Allah, jurusalamet kaula.
Compare
Explore HABAKUK 3:17-18
2
HABAKUK 3:19
Ku PANGERAN Nu Maha Agung dipaparin kakuatan, dipaparin suku anu tangginas kawas uncal, aman ngambah pagunungan.
Explore HABAKUK 3:19
3
HABAKUK 3:2
Nun PANGERAN, abdi parantos nguping sugri anu dipidamel ku Gusti. Hate abdi pinuh ku rasa hormat. Eta padamelan Gusti nu aragung, mugi pidamel deui jaman abdi-abdi ayeuna. Mugi Gusti mikawelas, sanaos upami keur bendu.
Explore HABAKUK 3:2
Home
Bible
Plans
Videos