1
KAJADIAN 45:5
KITAB SUCI
Ulah reuwas-reuwas. Jeung teu perlu nyalahkeun maneh pedah bareto ngajual kuring ka urang dieu. Eta saenyana geus kitu diaturna ku Allah. Ku Mantenna, kuring dikirim ti heula ka dieu, sangkan numbu umur aranjeun.
Compare
Explore KAJADIAN 45:5
2
KAJADIAN 45:8
Jadi, pangna kuring aya di dieu teh lain ku dumeh dipiceun-piceun teuing ku aranjeun, tapi geus diatur ku Allah. Ku pitulung Mantenna, kuring ayeuna di dieu teh sasat jadi ramana raja Mesir, nyekel urusan sanagara, nyekel kawasa sanagara Mesir.
Explore KAJADIAN 45:8
3
KAJADIAN 45:7
Allah ngutus kuring ti heula ka dieu teh sangkan puguh bisa nulungan aranjeun ulah nepi ka pegat turunan. Kuring disina ti heula ka dieu, sangkan aranjeun loba anu katulungan ku kuring, jeung sangkan aranjeun ulah nepi ka paregat umur.
Explore KAJADIAN 45:7
4
KAJADIAN 45:4
Saur Yusup deui, ”Ka darieu, sing dareukeut.” Esod, esod, maranehna ngadareukeutan. Saur Yusup, ”Kuring teh dulur aranjeun. Anu ku aranjeun dijual ka dieu ka Mesir.
Explore KAJADIAN 45:4
5
KAJADIAN 45:6
Sabab ieu paceklik teh kakara dua taun. Lila keneh, lima taun deui, tur sapanjang eta moal aya usum melak, moal aya usum dibuat.
Explore KAJADIAN 45:6
6
KAJADIAN 45:3
Ceuk Yusup ka saderek-saderekna, ”Kuring teh Yusup! Kumaha Ama, bapa kuring, jumeneng keneh?” Maranehna anggur tingpoyongkod sarieuneun, nepi ka jarempling teu bisa ngajawab.
Explore KAJADIAN 45:3
Home
Bible
Plans
Videos