Waktos keur jadi bujang batur, abdi sadaya ku Gusti henteu dikantun. Gusti ngagerakkeun manah raja-raja Persia dugi ka mikawelas ka abdi-abdi, maparin kalaluasaan ngadegkeun deui Bait Gusti anu parantos burak-barik, kalayan pinanggih sareng kasantosaan di dieu, di Yuda sareng Yerusalem.