Sanggeus daratang ka Bait Allah di Yerusalem, kapala-kapala golongan teh loba anu suka rela mere pangbakti pikeun ongkos ngadegkeun deui Bait Allah dina urutna. Maranehna sakuat-kuat nyumbang ngabantu sangkan Bait Allah bisa ngadeg. Jumlah sumbangan kabehna: emas 500 kilo, perak 2.800 kilo, pakean imam 100.