”Kami geus milih hiji jelema ti kaom Yuda, ngaranna Besalel bin Uri, incu Hur, dieusian pangawasa Kami, dibere pangarti, kaahlian, jeung pangabisa kana juan-jieun rupa-rupa barang seni, mahir ngareka-reka jeung migawe barang-barang karajinan tina emas, perak, jeung tambaga; mahir meulah inten, ngukir kayu, kitu deui sarupaning barang-barang seni.