Hidep kudu ngajarkeun pikukuh-pikukuh Allah ka maranehanana, ngajarkeun lakuning hirup sareng nuduhan pilampaheunana. Nanging kajabi ti kitu teh hidep kedah milih jalma-jalma anu cakep, jenengkeun kapala anu nyangking jalmi sarebuan, nu saratusan, nu lima puluhan, sareng nu sapuluhan. Nu dipilih kedah jalmi-jalmi anu garaduh kasieun ku Allah, tiasa dipercaya, tahan ku pangruruba.