anjeunna ngintun waleran kieu, ”Nyai ulah nyangka baris langkung aman ti dulur-dulur urang anu lianna dumeh aya di karaton raja. Sanajan upamina, dina kaayaan sakieu bahayana Nyai raos-raos bae, pitulung mah moal teu dongkap ti langit. Bangsa Yahudi tangtos katulungan, sawangsulna Nyai mah baris tiwas, kitu deui wargi-wargi ti rama baris mendak poe panungtungan. Ngan ceuk emutan, boa nu matak Nyai nepi ka jadi Ratu oge nya keur jadi cukang pisalameteun tina bahaya kawas ayeuna!”